Kata Kata Mutiara

Bahasa Sunda, Pantun Lucu

Hamba Alloh Hamba Alloh · November 22, 2017 ·
Bahasa Sunda, Pantun Lucu
Daftar Isi
    Bahasa Sunda, Pantun Lucu



    Aya listrik di masigit, caangna kamana mana
    Aya istri jangkung alit, hanyakal geuning waria


    Daun hiris dibeungkeutan, dibawa ka juru leuiit
    Anu geulis ngadeukeutan hayangeun dibere duit


    Pedah kuring kuralang kuriling
    Ucing ge’ring ngahariring
    Tengah peuting jemplang jempling
    Kuring nyaring hayang ngising


    Ku pedah urang babaturan sajati
    Manéh gumbira kuring gumbira
    Manéh hanjelu kuring milu hanjelu
    Manéh seuri kuring seuri
    Manéh ceurik kuring ogé ceurik
    Manéh tikecebur kana got kuring seuseurian nepika ticeurik-ceurik


    Ka Jampang mawa pakarang
    Ajang pe’rang makalangan
    Ka akang naha sale’mpang
    Akang sayang ngan ka yayang


    Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
    Tai cakcak ninggang huntu, laun-laun nya dilebok


    Colenak enak dicocol, komo mun tambah kalapa
    Beletak pitak ditakol, poho mun sirah mitoha, hampura abah teu dihaja !



    Geus ah leuseuh!
    Sekian dulu postingan gue kali ini yang sedikit ngebahas tentang seru, rame, dan asiknya nya hashtag 
    #ReboNyunda. Pokok na mah, tiap yang waktu itu tea. Hayu kita sama-sama lestarikan bahasa daerah kita masing-masing. Yo bay!
    Bagikan
    Hamba Alloh
    Hamba Alloh

    Saya hanya manusia biasa yang ingin menuntun umat ke jalan yg leih baik

    Komentar

    0%